+44(0) 1234 567 890 info@domainname.com
SELAMAT DATANG DI BMC_NET

Minggu, 04 Januari 2015

biografi dewi sartika

08.07

Share it Please

Biografi Dewi Sartika

 "DEWI SARTIKA PAHLAWAN SUNDA"

BMC_NET

Ibu Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung.Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua.
Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag.
Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman.
Wanita harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi „patih goah", tegesna ngurus dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki rabi.  Rupa-rupa elmu jeung kapinteran,saperti maca,nulis,ngitung jsb. pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru tulis.
Sanajan harita di ungga1-unggal dayeuh geus aya sakola kabupaten hiji,tapi muridna lalaki wungkul,da awewe mah teu meunang loba codeka cenah. Ngan ngaji anu dimeunangkeun teh,kitu oge nu ngaraji teh ngan anak menak atawa nu beunghar sarta ngajina di saimahna-saimahna diadon ku guru ngaji.
Sapoe-poe teh barudak awewe nu geus rada gede kudu nguprek di imah bae,sagawe-gawe nu sakira perlu pibaringeun. Ana rajeun indit-inditan,lamun dibawa ku kolotna. Cacampuran jeung pamuda babadanana dianggap kalakuan nu goreng kabina-bina.
Upama nindak kana rumaja putri,komo lamun geus rek dikawinkeun mah, parawan-parawan kudu bae dipingit,teu meunang bijil ka buruan-buruan acan. Kitu biasana di kota. Ari di pasisian,lantaran kaayaan hirup kumbuh beda deui, arang-arang aya nu dipingit teh,ngan cacampuran,sumawonna sakola mah teu meunang.
Upama aya wanita nu bisa maca nulis teh alam harita mah kacida anehna,teu beda jeung budak ngora buta huruf dina jaman ayeuna. Ari nu sok aya wanita bisa maca,nulis ngan di bangsa menak,tapi lain diajar di sakola,diajar di imah da bisi guyur salelembur ear sajajagat,ari sakola mah
Kitu kaayaanana masarakat wanita di Pasundan dina waktu Ibu Dewi dilahirkeun.Ti keur leutikna keneh geus katembong,yen Ibu Dewi ngabogaan sipat nu langka kapanggih di barudak awewe jaman harita:sajaba ngoprek jeung tetelepek,resep ka nu anyar-anyar,aya sumelap sipat-sipat pamingpin deuih.
Rama Ibu Dewi,Raden Somanagara tea kaasup ka menak anu resep kana kamajuan bob pikeun awewe boh pikeun lalaki. Ku andjeunna kamanah,yen pangarti teh sarat mutlak pikeun kamajuan sewangsewangan jeung kamajuan masarakat.
Jaba ti eta anjeunna tingali deuih,yen masarakat wanita Sunda disengker ku adat kuna. Sing saha anu kaluar tina eta sengkeran tangtu diaromongkeun,disebut nirca tina kaSundaan,teu mustail disebut nyorang paharaman. Tapi sanajan kitu awahing nyaah ka putra, Ibu Dewi geblus disakolakeun ka sakola Walanda.
Di sakolana Ibu Dewi kaasup kana murid maju,saregep jeung dipikaresep ku babaturanana, anak-anak Walanda.
Sanggeus ramana pupus,Ibu Dewi diurus ku uana ti ibu,nya eta Patih Aria Cicalengka. Didikan kaSundaan utama nu dihanca di kapatihan Bandung,diteruskeun di kapatihan Cicalengka. Jaba ti eta Ibu Dewi sok diwurukan paham-paham barat ku nyonya asisten residen.
Beuki gede beuki tembong bae,yen Ibu Dewi teh ngabogaan bakat pikeun ngatik barudak, sarta karep nu cengeng kana hayang maju. Di pipir gedong kapatihan anjeunna sok mindeng pisan sasakolaan,ngajar maca nulis ka anak-anak badega kapatihan,malah sakecap-kecapeun basa Walanda. Ari minangka borna panto kandang kareta,nulisna ku areng, minangka sabakna beubeulahan kenteng,nulisna ku areng deuih.
Sanajan disebutna sasakolaan sarta ngajarna jeung dialajarna bari ulin,ku sabab aya topek bawa ngajadi di nu jadi guruna,teu burung aja hasilna:sababaraha urang anak-anak rencang nu barisaeun maca jeung nulis.Ku kituna atuh dieuleuh-euleuh ku urang dayeuh,anak gandek bisa maca nulis,tur guruna budak umur 10 taun. Da umumna mah istri-istri priyayi oge loba anu „lalolong".
Ti barang aya pikiran hideng oge,Ibu Dewi ujug-ujug katarik bae ku pagawean guru,basana resep.Komo sanggeus sok sasakolaan mah,geus ngarasakeun hasil pagaweanana,kana jadi guru teh beuki manteng bae.

Babad salira

Déwi Sartika lahir ti kulawarga ménak Sunda, Nyi Radén Rajapermas jeung Radén Somanagara. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Déwi Sartika, malah ka sakola Walanda pisan. Sapupus ramana, Déwi Sartika dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicaléngka. Ti uwama anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Kulon beunang pangwuruk istri Asistén Résidén.
Bakat pangatik
Ti leuleutik, Déwi Sartika geus némbongkeun bakat pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan, anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis, malah ngajarkeun basa Walanda, ka barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan. Minangka borna, nyaéta papan bilik kandang karéta, nulis maké areng, sabakna sesemplékan kenténg.
Harita téh ukur Déwi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicaléngka geunjleung alatan barudak badéga kapatihan barisaeun baca tulis jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu loba anak cacah boga kabisa kitu, komo beunang ngajar budak awéwé.

Mangkat rumaja

Nalika geus rumaja, Déwi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun angen-angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna pituin, nu mémang boga kereteg nu sarua. Ngan, pamanna teu kitu baé bisa ngawujudkeun kahayang alona, sabab adat jaman harita nganggap awéwé teu perlu sakola, cukup ku bisa migawé naon rupa nu bisa pikeun ngawulaan salaki.
Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Déwi Sartika bisa ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian ngadegkeun sakola istri.

Nikah

Taun 1906, Déwi Sartika nikah ka Radén Agah Suriawinata, saurang nonoman nu sapikir sahaluan, sajiwa sacita-cita, guru di Sakola Karang Pamulang, nu harita jadi Sakola Latihan Guru.

Ngadegkeun sakola

Tanggal 16 Januari 1904, Déwi Sartika muka Sakola Istri munggaran sa-Indonésia. Murid-muridna angkatan munggaran aya 20 urang, migunakeun rohangan pandopo kabupatén Bandung.
Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas, sahingga merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusanana mimiti kaluar taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yén awéwé taya bédana jeung lalaki, bisa nampa pangajaran modél Kulon. Taun 1910, sakolana diropéa migunakeun harta banda pribadina sahingga bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.
Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg sakola istri, utamana dikokolakeun ku sababaraha istri Sunda nu saangen-angen jeung Déwi Sartika. Taun 1912 geus aya salapan Sakola Istri di kota-kota kabupatén (satengahna ti julmah kota kabupatén sa-Pasundan). Dina umur anu kasapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupatén Tatar Sunda nu can boga Sakola Kautamaan Istri kari tilu/opat deui. Malah meuntas heula ka Bukittinggi, Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saléh. Tatar Sunda kakara lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di unggal kota kabupatén dina taun 1920, katambah ku sababaraha nu ngadeg di kota kawadanaan.
Bulan Séptémber 1929, Déwi Sartika nyieun pangéling-ngéling sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran jadi “Sakola Radén Déwi”. Kana giatna dina ngamajukeun rahayat, utamana kaom istri, Déwi Sartika diganjar bintang jasa ku pamaréntah Hindia-Walanda.


0 komentar:

Posting Komentar

silahkan berkomentar disini